Dikawitan tina rasa kepedulian para pemuda-pemudi kalieung girang kana jasa para guru ngaji anu aya di lingkungan kalieung girang, nyaeta
Mak Eoh sareng
Mak Ioh anu parantos ngagembleng para Ibu sareng pemuda-pemudi anu aya di Kalgir ku Elmu agama. padahal aranjeuna parantos sepuh, tapi semangat sareng perjuanganna karaos pisan dina kahirupan urang sadidinten.
Ahkirna, para pemuda-pemudi gaduh niat sae kanggo ngarojong perjuangan aranjeuna baik dibidang materi sareng tanagina, atas nami PEDULI KALGIR, dugi ka ayeuna janten di bentukna Ikape Kalgir. mudah-mudahan manfaat sareng tiasa berlangsung lancar.. Amiin
KAGIATAN IKAPE
kumargi para pemuda-pemudi kalgir seueur anu nyaraba, janten waktos kanggo ngempelna sesah pisan. sanaos kitu, Alhamdullah masih tiasa ngempel sanajan sataun sakali nyaeta waktos LEBARAN hungkul. hehe
kagiatan anu parantos di garap ku Ikape KALGIR diantawisna nyeta:
:: santunan ka Guru ngaji
:: santunan Yatim/ piatu
:: perbaikan mesjid & madrasah
:: santunan jompo
:: pengadaan sarana pendidikan TPA/TKA
Mudah-mudahan kegiatan anu parantos dilaksanakeun sareng anu teu acanna, berjalan lancar sareng berkesinambungan...Amiin
DI RESMIKEUNNA
Kumargi anggota Ikape kaseuseuranna teu terang carana berorganisasi sareng alim janten ketua. *hahay*...sekitar 2 tahun lamina sagala kagiatan anu dilaksanakeun berdasarkan Panitia Bersama. (haha,, aya2 wae)
Alhamdullah, berkat masukna anggota nu sanesna anu langkung ngartos tur pangalaman kana pentingna berorganisasi, Utamina mah bergabungna Kang
Fiqhi Zamil. akhirna Ikape KALGIR di bentuk, sareng di resmikeun dina dinten :
Salasa, 21 Agustus 2012..
STRUKTUR ORGANISASI
# hapunten pisan Filena kakantun, janten Kang Admin teu acan tiasa apdet..hehehe
SALDO KAS IKAPE
Update saldo kas Ikape dugi ka kaping
25 November 2012 parantos ngempel Rp 560.000;
Note : saldo bersifat saridona sareng saikhlasna tea